21/08/2015
Seratan ieu mangrupikeun puisi basa sunda
ngeunaan puisi pangjajap keur siswa anu bade
miang atanapi ngantunkeun sakola. Judulna Bral
Geura Miang anu pihartoseuna mangga
ngantunkeun tempat diajar anu salami ieu biasa
ngumpul ngariung sangkan teras nyaah tur emut
bae.
Saupami eta puisi sunda di handap dibacakeun
kalawan hate ikhlas, ditambih sora dareuda anu
matak sedih, maka dijamin timbul nalangsa jeung
anu ngupingkeun bakal ceurik jeung sedih.
Ieu conto puisi guru keur barudak anu bade
miang ninggalkeun sakola atawa pasantren :
PUISI basa sunda keur pangjajap anu bade kaluar
ti pasantren neuteup alam kanyataan
Keur aranjeun, anak Bapa Santri anu awewe anu
lalaki.
Anakingā¦.
Ngitung waktu, milang lengkah
Tikiwari ka kiwari, sawaktu-sarebu waktu,
Salengkah-sarebu lengkah
Anankingā¦..
Asa cikeneh urang babarengan,
Icikibung dina dunya atikan nu lawas tilu taun
landung.
Asa bieu antara hidep jeung Bapa silih
tamplokeun rasa:
Asih, nyaah, deudeuh, ijid, ngewa, jeung keuheul
Kiwari, tuh lawang pepeuntasan geus ngadago
Kahade tigatruk-tipagut
Keur nulalawora tinangtu tangtu hese mentas
Bral anaking, sing mulus rahayu nerapkeun elmu
Di ditu hidep bakal dicoba dina pangaweruh
Jung anaking, hidep diandung pangdunga.
Wilujeng anaking
keur aranjeun nu bakal miang
**
Hampura anaking, mun letah Bapa, letah ibu
Teu bisa nahan ucapan, hahaok bari molotot,
Da kitu adatnya neundeun kanyaah.
Bapa jenu Ibu teh inggis bisi hidep kalangsu di
jalan,
Katalimbeng dina dunya s**an-s**an,
Poho balik kana jalan bebeneran.
Hampura anaking,
Ucap lampah, paripolah nu kaliwat pikeun enteung
keur kahareup
**
Sakecap doa, sarebu mangfaat,
Do'a nu mujarab iwal tikukaweningan
Hate urang, hate bapa, hate ibu, hate anjeun
Munajat ka kanu kawasa
Alloh ya Robbi,
Mugi Gusti ngahapunten tina dosa jeung lampah
nu lepat
Bral miang anaking,
Dunga Bapa keur aranjeun,
Muga hidep sing bisa neruskeun lampah
Nutur catur tolab elmu tug ka jucung,
KuridoNa Alloh bakal kinasihan
Cag! Sakitu eta conto pidato sedih pangjajap
guru pikeun santri atau siswa siswi sakola anu
bade kaluar miang ngantunkeun lembaga
pendidikan.
Baca oge papatah kolot pikeun lenyepaneun. :-)